Jumat, Desember 13, 2024
BerandaBale BandungKujang Lain Pakarang Perang

Kujang Lain Pakarang Perang

BANDUNG, Balebandung.com – Dina awal taun 1950-an, ampir sakabeh Urang Sunda boga rasa tugenah ka Urang Jawa. Nepi ka gerakan kasundaan hudang deui boh keur jalma jalma nu icikibung dina eta gerakan ti saacan perang.

Saperti Ema Bratakusumah, Soetisn (Soetisna Sendjaja), Iwa Koesoemasoemantri, Otong Kosasih Joedakoesoemah, jrrd; nu ngadegkeun sababaraha organisasi di antarana Daya Sunda, Badan Musyawarah Sunda, jrrd.

Sedengkeun mahasiswa jeung para pamuda di Bandung, Bogor, jeung Jakarta di antarana Adjam Syamsupradja, Hasan Wargakusumah, Saikin Suriawidjaja, Alibasjah Natapradja, jrrd, ngadegkeun organisasi Nonoman Sunda, Putra Sunda, Daya Nonoman Sunda, Front Pemuda Sunda, jrrd.

Dina majalah-majalah sunda nu medal mangsa harita; utamana Kalawarta Kudjang (Bandung) jeung dina Majalah Warga (Bogor), mindeng pisan midangkeun tulisan jeung karikatur nu nembongkeun katugenah ka Urang Jawa jeung pamarentah pusat, dina hal ieu Presiden Soekarno (sanajan saterusna kakawasaan eksekutif dicangking ku Perdana Menteri) nu dianggap leuwih mentingkeun Jawa.

Kaayaan ieu alatan pamarentah Republik Indonesia nyieun kawijaksanaan “non” jeung “ko”. Nu disebut non (kooperator) nyaeta jalma-jalma nu teu panuju jeung teu daek digawe pikeun kapentingan Walanda jeung angger republiken. Sedengkeun ko (operator) nyaeta jalma-jalma nu daraek digawe pikeun kapentingan Walanda.

Sanggeus KMB (Konferensi meja Bundar) jeung serah tarima kadaulatan, pamarentah RI nyieun kawijaksanaan non jeung ko, ngageser jalma-jalma non tina jabatanna jeung diganti ku jalma ko.

Padahal urang sunda di Jawa Barat daraek jadi ko teh alatan nurut kana panyeluk Wakil Presiden Dr. Mohamad Hatta –jajauheun saacan KMB- nu ngameunangkeun kaum republiken angger nyicingan daerah pendudukan jeung digawe di pamarentahan pendudukan, asal ulah di widang pertahanan jeung kamiliteran. Sabab anjeunna percaya pisan eta teh bakal gede pisan mangpaatna pikeun Bangsa Indonesia, saperti jadi guru di daerah pendudukan, sabab nu jaradi muridna barudak kaum republiken.

Nu dianggap kaum non nyaeta urang jawa nu karek balik ngungsi ti Jogja atawa daerah republik (Jawa Tengah) lianna. Kabuktianna geuningan pajabat anyar teh salian ti teu bisa digawe kalawan hade, tapi ngaborong sanak baraya atawa baladna pikeun ngeusian lowongan pagawean. Nya lantaran eta teu kurang nu kukulutus atawa jadi aya istilah “dijajah ku bangsa sorangan”.

Kajadian Perang Bubat diguar deui pikeun nembongkeun Gajah Mada (Urang Jawa) miboga sipat hianat jeung akibat kajadian eta Raja Sunda jeung Putri Citraresmi/Dyah Pitaloka jadi tumbal. Oge piken nembongkeun Urang Sunda wani ngalawan kakejeman tangtara Jawa jaman Karajaan Mataram nu ngainvasi Pasundan. Teu tinggaleun diguar oge carita Dipati Ukur. Carita na ditulis ku Rohendy Sumardinata & Supis (Supian Iskandar) dipedalkeun ku Daya Sunda Pusat (Bandung) sanggeus dimuat sacara nyambung dina Kalawarta Kujang.

Tah, dina carita Dipati Ukur mimitina disebutkeun Urang Sunda perangna make pakarang nu disebut kujang. Nya ti harita dimitoskeun kujang teh pakarang Urang Sunda jiga keris pakarang Urang Jawa. Pokona mah Sunda teu eleh ti Jawa.

Mun Jawa boga keris, Sunda oge boga kujang. Padahal, keris sabenerna pakarang Urang Sunda jiga pakarang urang Melayu lianna; kusabab eta aya keris nu disebut “Keris Padjadjaran”.

Tapi lantaran harita keur usumna sumanget “SUNDA LAIN JAWA” jeung nu teu leuwih hebat deui ngamitoskeun kujang teh pakarang Sunda nu beuki lila beuki kuat. Kurang leuwih taun 1960-an mah geus jadi anggapan umum, yen kujang teh lambang sunda nepi ka dijadikeun lambang pamarentah Jawa Barat. Teu mustahil gagasan eta datangna ti Pa Ema Bratakusumah jeung lingkungan Daya Sunda nu medalkeun Kalawarta Kujang. Sabab da saencan taun 1950-an kaasup dina wawacan ge teu kacaturkeun mun perang make pakarang kujang.

Ahli sajarah jeung kasenian sunda, Saleh Danasasmita suargi kalayan make sandiasma Asmalasuta nulis dina karangan nu judulan Semar djeung Kudjang (majalah Handjuang No. 5, 1971), yen anjeunna ngaras boga dosa lamun ngantepkeun, sabab geus aya kakaliruan di masarakat ngeunaan posisi kujang jeung Semar.

Nurutkeun para ahli, geuning kapercayaan teh bisa dijieun “sanajan carita hayal mun ditabeuh unggal waktu, dipisieup siga heueuh, lila-lila bakal dianggap enyaan”. Kulantaran eta anjeunna ngarasa perlu nulis pikeun ngajelaskeun hal nu sabenerna sanajan anjeunna nyalira apal yen “mun beja geus dipercaya hese ngabedokeunana”.

Kuring moal nyutat naon nu ditulis ku Saleh ngeunaan Semar. Tapi ngan rek nyutat ngeunaan kujang wungkul. Numutkeun Saleh, kujang teh geus ditaliti jeung dibahas ku Snouck Hourgronje dina TBG (Tijdchrift van het Bataviaasch Genootchap van Kunsten en Wetenschappen) jilid 41 (1904).

Tapi geuningan dina waktu eta (awal abad ka-20) geus teu kapanggih kumaha cara ngagunakeunna kujang teh. Kujang nu ayeuna pada mikawanoh teh nyaeta kujang Bandung nu lamun difantasikeun jadi pakarang. Padahal kujang-kujang di daerah lain mah lain pakarang keur perang, mun di Banten maalah leuwih mangrupa jiga arit.

Dina naskah sunda kuno Koropak 630 (Siksa Kandang Karesiyan), dina lebah nataan pakarang perang nu dituliskeun nyaeta pedang, abet panusuk, golok, peso poateundeut, nusuk, golok, jeung keris. Kujang mah teu disebutkeun da dituliskeunna dina alat tatanen nyaeta kujang, baliung, parkit, kored, sadap.

Di Banten aya paribasa nu unina kurang leuwih “mun aya bentang kidang, turun kujang”. Bentang kidang jadi tanda datangna usum hujan nandakeun waktuna ngebon atawa ngahuma. Dina paribasa eta jelas disebutkeun kujang teh pakakas tatanen.

Sanggeus dimitoskeun minangka pakarang perang Urang Sunda, wajar pisan mun urang ngabogaan rasa agul kana kujang jeung lantaran rasa agul eta loba nu ngajadikeun/nyieun kujang saluyu jeung fantasina sewang sewangan.

Cenah mah Prof. Dr. Kusnaka Adimihardja kungsi ngasongkeun pamadegan yen kujang teh ngabogaan sababarah fungsi. Aya nu memang minangka pakakas tatanen, tapi oge pakarang perang. Aya oge kujang nu dibikeun ku gegeden minangka ngahargaan kana hiji gawe (penghargaan) nu disebut “Kujang Nugraha”.

Nu jadi patanyaan teh, naha fungsi-fungsi kujang (nu kapanggih ku Snouck Hurgronje dina awal abad ka-20) teh tina hasil panalungtikan anu taliti jeung ilmiah? Sabab mungkin wae lantaran kadorong rasa agul kana pakarang warisan karuhun jiga nu dimitoskeun nepi ka nyieun kujang saluyu jiga fantasina sewang sewangan.

Kusabab eta, kuring ngarasa lucu (oge sedih) waktu maca dina koran “Kujang Didaftarkan ke UNESCO”(Pikiran Rakyat Saptu, 21 Juli 2012). Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat bareng jeung Tim Gugus Hak Kekayaan Intelektual (HKI) rek menta ka UNESCO sangkan ngaku kujang minangka pakarang tradisional urang sunda. Salian Tim Gugus HKI oge dirojong ku Dosen ITB jeung para sarjana, gegeden pemda staf gupernur, jeung wakil ti komunitas kasundaan.

Duka saha nu ngayakeun panalungtikan ngeunaan kujang teh. Nu jelas mah dina beritana alesan nu disodorkeun ku Aris Kurniawan, M.Sn, dosen Seni Rupa ITB teu ilmiah pisan. Malah “ngelmu”, sabab alesanna teh mangrupaken kirata basa. Cenah sanggeus nalungtik salila tujuh taun manehna nepi kana kacindekan yen “Kudi” dina harti Kudia atawa Ku anjeun ngabogaan harti “pitunjuk” atawa parentah ti kahiangan ka manusa atawa manu.

Kudi dianggap ngabogaan rupa jiga hulu manuk. Hal ieu ngabogaan harti yen jelema/manusa minangka wawakil Hyang Tunggal atawa Pangeran, salilanna kudu ningkatkeun bakti atawa bukti ka nagara jeung pangeran di marcapada atawa buwana panca tengah. HAG SIAH…!!!

by Ajip Rosidi, Ketua Dewan Yayasan Kebudayaan Rancage
Dicutat tina : http://archive69blog.blogspot.com/2012/08/kujang-bukan- senjata.html#ixzz2tgOvaLgH

BERITA LAINYA

TINGGALKAN KOMENTAR

Silakan masukkan komentar anda!
Silakan masukkan nama Anda di sini

spot_img

TERKINI