Bale Jabar

Lebaran na Hunyuran

Balebandung.com – Tabuh tilu janari Usup nepi ka imahna. Teu kawas sasari. Di lembur téh bet kiwari mah combrék. Biasana asup lilikuran kieu mah ramé ku nu ngadulag jeung nu muji. Tapi nyatana kiwari lembur téh lir nu paéh. Ukur kapireng sora kohkol ti jauhna tilu kali, bari ceuceuleuweungan nyebut saur sababaraha balik. Pantesna mah ngahudangkeun. Geus kitu mah les deui leungit.

Ah bener-bener wabah téh mawa kasieun. Teu di lembur teu di dayeuh ampir sakur manusa nu ideng mah katerapan ku kasieun kakeunaan ku sasalad nu cenah asalna ti nagrina Si Brus li.

Lila sabenerna mah Usup ngagambar rute pibalikeun manéhna téh. Dilelebah heula. Kawantu manéhna mah sales kadaharan instan, lampar saba kota. Apal ka suklakna ka siklukna alias jalan tikus da mindeng nganvas ka warung-warung leutik sisi kota gé. Jadi lain jalan jalur utamana wungkul nu kakawasana téh.

Gusti nu Agung, ayeuna mah hayang mudik gé kudu sasalingkeran, papinter-pinter jeung patugas jaga, alahbatan buronan narkoba waé. Ku manéhna geus kasawang kudu méngkol ka mana lamun seug deukeut ka tempat cék poin ngarah lolos.

Nya kiwari keur mahabu wabah Covid 19 téa nu geus ngadahar réwuan korban jiwa ti sakuliah dunya. Kabéh sieun. Kabéh salempang. Sakur widang kahirupan kagebug. Lain kaséhatan wungkul. Ékonomi, sosial, atikan, malah agama gé beunang. Buktina loba masjid nu teu meunang dipaké salat barjamaah ku alesan babarengan ngalawan wabah ku jaga jarak ngajedog di imah. Ngéléhan tah ibadah gé ku wabah ieu mah. Pausahaan-pausahaan gé loba nu tutup, nya da taya nu meulina, acan dina aya nu meulina gé bahan baku jang produksina teu bisa asup ka tempat da aya aturan karantina wilayah alias lockdown.

Ayeuna geus kaluar deui aturan anyar PSBB. Teuing nanahaeunlah. Nu puguh mah kabéh éta nyababkeun Usup ngaligeuh da dieureunkeun ti pagawéanna. Taya jalan lain iwalti balik ka lembur. Da di dieu gé geus taya pupurieunna. Katambah ieu téh mimiti asup lilikuran puasa. Kasawang pamajikan jeung dua anakna nu masih kénéh burey , nunggu manéhna di imah hayang lebaran babarengan.

Usup narik napas jero. Untung lalampahan manéhna jadi sales nungtun akal motékarna pikeun maké jalan tikus. Lain nanaon. Pamaréntah, sakali deui, geus nyaram kagiatan mudik. Na tipi gé nu mudik hég kapanggih ku patugas jaga mah sina balik deui ka tempat asal teu bisa laju ka sarakan. Komo kawas manéhna nu asalna ti jona beureum, moal lolos tah mun beunang ku patugas jaga mah. Beu!

Miang téh maju ka tengah peuting. Alhamdulilah, ngajalankeun motor kawas diudag sétan, lalampahan normal lima jam leuwih bisa ngan ukur opat jam kurang. Untungna deui jalan ka lemburna mah teu dijaga. Sok masing asup jona konéng da cenah loba ODP ti nu marudik cara Usup, ka wewengkon manéhna mah taya panjagaan husus. Blas-blus sémah téh. Meureun duméh di lembur Usup mah taya nu PDP sok komo positif mah.

Asup ka buruan dibagéakeun ku pamajikanna da anakna mah sararé.
“Gancang Kang abus! Bisi aya nu nohyan,” Atih pamajikan Usup nyarita, terus gancang meundeutkeun panto.

“Batur mah nu mudik kaayeunakeun kudu dipariksa heula ku Puskésmas. Ulah waka liar wé!” omong Atih bari ngasongkeun cai haneut. Terus nyayagikeun dahareun keur saur.

* * *
Kesel di imah waé. Poé katilu di lembur, Usup ngulampreng ka luar ti imah muru pos ronda. Katara di pos ronda aya Udin, Cécép, Enjang, keur ngariung. Bagéan ronda ngahudangkeun nu saur tayohna.

“Assalamualaikum,” Usup uluk salam mangsa datang ka pos ronda. Teu dititah gé gék diuk di nu lowong. Nu aya di pos ronda curinghak nempo nu datang.

“Roko?” Usup nawaran bari ngaluarkeun dua bungkus udud tina sakuna. Sasarina mun diasongan udud kitu sok rarikat nyokot. Ayeuna mah jiga nu sieun.

“Iraha datang Sup?” Enjang nanya.
“Tilu poé ka tukang,” omong Usup. Nu tiluan silih pelong.
“Euh, hampura Sup! Urang amitan heula. Poho motor can diabuskeun ka imah,” Cécép nangtung rurusuhan. Léos indit teu nunggu dimanggakeun.
“Urang gé sarua euy, sendal barudak asa can di kajero imahkeun,” Enjang gé nyarita. Léos nuturkeun Cécép.
“Uing gé permios ah Sup, nyeri beuteung yeuh rék ka cai,” Udin nyarita bari satengah ngajleng kaluar ti pos ronda, terus leumpang rusuh muru imahna.

Jeletit! Kana haté Usup aya nu nyeri. Gusti, bener kabéh geus kasieunan. Ras tadi pamajikanana gé geus nyaram, montong kaluar cenah dua minggu mah. Ras deui poé kadua datang nganjang ka Jajang sobat medokna nu matuh di lembur, bet sarua meunang katugenah. Mangsa kadatangan manéhna téh éta sobatna gancang maké masker. Terus diuk pajauh. Ngobrol gé jiga nu seunggah. Usup surti. Tangtu kasieunan manéhna mawa wabah ti dayeuh, inggis ngaliarkeun di lembur. Nya sadar diri amitan wéh. Lain gangas wabahna wungkul tapi ogé ngarubah kejem haté jalma tah kaayaan kieu téh.

* * *
Geus saminggu Usup aya di lembur. Alhamdulilah taya kajadian nanaon. Manéhna sakulawarga jagjag belejag. Ngan nyakitu sok sanajan teu ka puskésmas, Usup nyoba sabar cicing di imah. Isolasi diri meureun pibasaeunna mah.

“Tih, urang ngalongok Abah yu! Pan ieu téh geus malem dalapan likur. Ké ka Bapa jeung Mamah mah lebaran wé sakalian ngalongokna,” Usup ngajak ngalongok kolotna ka Atih nu béda lembur. Ari kolotna Atih mah komo jauh. Béda kabupatén.

“Moal nanaon kitu Kang? Pan ieu téh keur usum werit. Si Corona na gé can nyingkah,” Atih hangham.

“Moal atuh Tih, manasina urang téh gering. Pan urang téh saréréa gé séhat, teu salésma-salésma acan. Jagjag belejag,” omong Usup bari nepakan dadana.

“Jigana lanceuk-lanceuk mah geus ngalongok. Bubuhan matuh jeung usaha di lalembur. Tinggal akang wé nu acan da ku ngumbara téa,” cenah deui.

“Nya kumaha Akang wé atuh,” bari satengah haté Atih ngaheueuhan. Nya karunya salaki panasaraneun meureun. Komo ieu si bungsu, nu pangdiogona baheula.

* * *
Sakeudeung di Abahna mah dapon ngalubarkeun sono. Pasosoré gé mulang deui. Teu kungsi panggih jeung lanceuk-lanceuk mah. Ditelepunan gé pajar keur aya pagawéan. Ah Usup gé ngarti. Suudonna sarua jeung kasieun tatanggana. Ukur kolotna nu nampa manéhna sakulawarga kalawan iklas. Beu aya kieuna alam dunya.

Ngan nongtoréng waé caritaan Abahna nu yuswana maju ka 70 téh, cenah Usup ulah jauh-jauh teuing usaha téh! Abah téh geus kolot. Bisi umur teu lila deui. Hayang mindeng ngumpul jeung anak incu. Komo usum sasalad kieu mah Abah sok jadi hariwang, cenah.
* * *
Malem takbir Abahna Usup dijemput ku nu maké APD ti puskésmas, dibawa ka rumah sakit. Cenah bada solat magrib Abahna Usup rubuh di masigit. Dadana karasa sesek. Awakna panas. Batuk panjang teu eureun-eureun.

Peuting éta kaayaan lembur kolotna Usup cakueum. Malem takbir mapag idul fitri nu sakuduna hégar ku ngadurugdugna dulag jeung nu takbir ngagungkeun asmaNa kiwari simpé, nu aya geueuman ngalimpudan suhunan-suhunan imah nu aya di lembur éta.
* * *
Poé lebaran, mangsa matapoé lingsir ngulon Usup ceurik balilihan na hunyuran taneuh beureum nu anyar kénéh. Sorangan. Anak pamajikanna mah teu milu di imah ditahan jadi ODP. Kitu deui lanceuk-lanceukna. Malah saeusi lembur kolot Usup jadi ODP. Manéhna nu ngalantarankeunna. Sarua Usup gé jadi ODP.

Tadi beurang patugas nu maké APD lengkep datang nganteurkeun sakaligus ngurebkeun layon bapana nu positif keuna ku Covid 19. Taya nu nganteur warga mah. Nu aya kabéh warga dipariksa tur salelembur jadi ODP. Sakali deui gara-gara manéhna.

Ahéngna manéhna sorangan teu positif Covid19. Ceuk dokter manéhna mah imunna alus. Jadi teu teurak. Malum umurna masih sahandapeun tilu puluh. Ngan manéhna nu mawa wabah éta ka waruga bapa jeung emana nu geus kolot alias carier. Untung emana mah salamet masih kénéh ditangtayungan, sok sanajan kudu dirawat di rumah sakit jadi PDP.

Sakali deui, Usup ngan sorangan di astana nyawang hunyuran kuburan bapana nu dikurebkeun tadi beurang bari dibungkus ku plastik. Cimatana ngagarajag. Kahanjelu sagedé gunung nindihan dadana. Ieu sakabéh dosa manéhna. Ieu sakabéh balukar adat manéhna nu merekedeweng narah aturan ti pamaréntah pikeun ulah mudik, nu antukna ngaleungitkeun nyawa jalma nu dipikanyaahna, nyatana bapana. Acan ngabarubahkeun ka nu séjén kudu jadi ODP jeung PDP.

Cimata Usup ngagarajag. Inghak kanyenyerian jeung jerit jemplingna teu bisa malikan deui carita. Teu nyangka lebaran taun ieu kudu banjir cimata . Teu nyana lebaran taun ieu kudu nyuuh dina hunyuran taneuh beureum kuburan bapana.***

270420. ( Bari nungguan reup2pan nyanghereupan poé kalima Ramadhan )

Tags

Baca Juga

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

Back to top button
Close