by Hayat S Hidayat
Si Ayat lalaki
nu bathina nyiruruk di tempat jauh tur sepi
taya nu mitineung
sabab hirupna di alam hideung
mun pareng aya bulan atawa bentang leukeun daek ngiceupan
kalakay hatena hiji-hiji maruragan
saterusna tinggal rasa ngarangrangan
Si Ayat lalaki
nu atina kungsi diturih ku hinis kaasih
mangsa kembang lamunan keur meujeuhna
mangkak na dapuran harepan
mangsa kadeudeuh datang munggaran
mun leumpang manehna imeut neuteup kalangkang
mun sare, tibra ngeukeupan lamunan
peuting-peuting ngimpi panggih jeung putri
atawa nyangsaya dina lawang sawarga
kasur jeung awewe lacur
Si Ayat lalaki
nu hatena geus lain deui lalaki
na pangsujudan remen ballihan batan muji ka Pangeran
didinya dirinya wakca, ngadakwa nganaha-naha
oge didinya atra ka naraka.
Cibeunying, 7 Peb 1965