Si Ayat

Si Ayat

Bale Jabar

by Hayat S Hidayat Si Ayat lalaki nu bathina nyiruruk di tempat jauh tur sepi taya nu mitineung sabab hirupna di alam hideung mun pareng aya bulan atawa bentang leukeun daek ngiceupan kalakay hatena hiji-hiji maruragan saterusna tinggal rasa ngarangrangan Si Ayat lalaki nu atina kungsi diturih ku hinis kaasih mangsa kembang lamunan keur meujeuhna […]

Na Imah Panggung

Na Imah Panggung

Bale Jabar

by Hayat S Hidayat di dieu, na imah panggung urang ngariung cag kisobat lesotkeun momot hate nu bareurat reureuhkeun awak, lempengkeun saurat-urat di dieu na imah panggung urang tembrakeun sagala kabingung urang purak sagala kabungah ebrehkeun kereteg hate nu ngagem rasa tugenah di dieu na imah panggung taya tulak dina panto jeung jandela pikeun jalma […]

— NGANJANG —

— NGANJANG —

Bale Jabar

by Hayat S Hidayat waktu kuring datang manehna mapag ku imut jeung teuteupan (sampurasun nu di bumi) (kuring dongkap nohonan jangji kamari) sore eta bajuna kayas beungeutna pias sore eta langit bengras lir mapag ucap kaihlas kembang hebras na jambangan kembang hate na lamunan teh manis kareueut na saban teuteup kembang renda taplak meja jajantung […]

DINA LAWANG DUNYA ANYAR

DINA LAWANG DUNYA ANYAR

Bale Jabar

by Hayat S Hidayat saban kuring datang manehna mapag ku imut jeung teuteupan imut jeung paneuteup nu baheula tanda asihna nu satia tilu taun ti saprak kuring patepung tilu taun cinta gumulung seubeuh ku rangkulan wareg ku ciuman kari hiji deui nu ku kuring teu weleh dipicangcam kamar pasagi jeung ranjang nu bakal ngarangkul kuring […]

— PEUTING —

— PEUTING —

Bale Jabar

by Hayat S Hidayat kamar ieu tangtu ngabigeu lantaran ditempelan gambar teu dipiguraan angin peuting baris cicing sabab hayang ngareungeu carita kuring lantaran ditempelan gambar-gambar teu dipiguraan kamar ieu jadi sayang panungtungan dina tembok kalangkang taranjang kuring duaan nyeuseup kahayang (amis biwir, amis sirop, dirames ramo lalencop) samemeh manehna balaka nanya ku kuring geus dijawab: […]

—- Kamar Nyi Lanjang —-

—- Kamar Nyi Lanjang —-

Bale Jabar

by Hayat S. Hidayat waktu pantona ku kuring disuaikeun hawa ganda seuseupan datang mapagkeun (euh, ku asri ieu kamar pasagi) sajongjonan kuring nangtung ngumbar hate nu kalarung eunteupna teuteup munggaran ka lebah ranjang dibageakeun ku kulambu ramat kahayang kulambu pias, sepre nu kayas kasimpean beuki koredas juru katuhu meja toilet tempat mapatkeun aji pamelet beulah […]

AYA PEUTING TINGTRIM

AYA PEUTING TINGTRIM

Bale Bandung

by Hayat S Hidayat (Sugan kabaca ku DEDDY WINDIAGIRI) Peuting ieu, Odah… urang jalan-jalan lain deuk sukan-sukan Teundeun heula pikiran nu kagembang kaendahan Bawa lambaran-lambaran cinta jeung kulak canggeum rasa tineung Urang bagikeun ka jalma-jalma nu keur ngahontalan hirupna ku kesang reujeung tanaga Mimiti, urang icip tingtrimna basisir peuting Tingali palika jeung parahuna cumelak lanterana […]

Nu Mulang Miheulaan

Nu Mulang Miheulaan

Bale Bandung

by Hayat Subagja Hidayat Disibutan ku halimun, indit dina tungtung peuting, lalaunan ngalayangna sukma ninggalkeun jasmani, nyawa ninggalkeun ragana nu mulang miheulaan ninggalkeun sewu panineungan Kujang Putra – Rancaekek, 11 Nopember 2019

KAHIRUPAN

KAHIRUPAN

Bale Bandung

by Hayat Subagja Hidayat saban peuting, Odah… kuring nyelang tanggah ka langit, — langit kahirupan mun keur caang, hate tumanya ka bentang anu baranang hayang nyaho lalakon naon deui nu baris kasorang oge kuring nyoba neangan deui gantungan pikeun ngaitkeun harepan. Odah, hate kuring teu weleh tumanya sabab dunya pinuh ku carita-carita nu teu disangka […]

Tidak Ada Postingan Lagi.

Tidak ada lagi halaman untuk dimuat.