Bale Jabar

Carita Munding Dikawihan Kuda Didangdanan

×

Carita Munding Dikawihan Kuda Didangdanan

Sebarkan artikel ini
sakadang munding sakadang kuda. by mangle
sakadang munding sakadang kuda. by mangle

BANDUNG – Baheula beh ditueun baheula, lembur urang teh leuweungna weuteuh, caina oge curcor harerang ngagolontor ka walungan palid ka hilirkeun. Pangeusi ieu lembur lolobana mah sasatoan, boh nu hirup di darat boh nu hirup di cai.

Ari nu disebut jelema can loba harita mah. Caricing na di guha-guha batu, sakapeung bareng we jeung sasatoan kayaning jeung maung, munding, kuda, atawa nu sejenna. Malah ari ku mindeng panggih jeung jiga nu sanasib mah antara jelema jeung sasatoan teh jiga anu silih hartikeun. Masing-masing nganggap baraya atawa tatangga anu babarengan hirup ngeusian hiji tempat.

Sanajan natangga, masing-masing boga kabiasaan sorangan, boga kabeuki anu beda. Sasatoan nu beuki jujukutan mun baranghakan tinggal ka pangangonan atawa ka leuweung ngagares jukut anu ngemploh hejo. Sato mah teu mikir pamali teu mikir boga batur, mun manggih kabeuki langsung diremus.

Nya kitu harita oge, jelema boga kahayang sorangan jeung geus bisa mikir. Sanajan cicing di guha, ari dahareun mah hayang nu ngeunah, hayang bisa nyawah keur melak pare. Jelema hayang boga imah sangkan ulah kapanasan jeung katirisan.

Lantaran ku beda kabiasaan jeung kabeuki tea, jelema mindeng ngambek ka sakadang munding jeung sakadang kuda. Ngambek teh lantaran kuda jeung munding mindeng pisan ngaranjah sawah jeung pepelakan jelema. Hiji waktu mah kuda jeung munding teh diontrog ku jelema.

“Hey sakadang kuda, sakadang munding, abong mangkeluk teu boda pikiran, ulah ngaruksak pepelakan batur atuh. Lamun hayang baranghakan indit ka leuweung neangan jukut ku sorangan!”

Sakadang kuda jeung munding meh bareng nembal bari reuwas da jelema datangna mawa pecut keur ngarangket. “Hampura atuh sakadang jelema, da kami mah teu nyaho pepelakan maraneh”. Ngaromong rada ngosom bakat ku reuwas jeung sieun.

“Tuh tempo sawah kami ruksak jeung pasti moal kaala parena, gantian ku maraneh!” Kuda jeung munding tingharuleng bari silih reret. Duanana rumasa kana kasalahan tapi nya kudu kumaha ngagantianana.

Keur tingharuleng kitu jelema datang deui bari ngacungkeun pecut jiga rek ngarangket. “Kumaha kuda, munding, sanggup ngagantian teh?”

Nempo jelema jiga tambah ambekna, kuda jeung munding baradami yen rek nyanggupan ngagantian ku tanaga keur mantuan pagawean jelema.

“Kumaha mun ku kami digantian bae ku tanaga. Iraha bae aranjeun butuh ku tanaga kami, kami siap mantuan asal dicumponan pamenta kami!”

Ngadenge kasanggupan kuda jeung munding kitu, jelema pohara atoheunana bakal aya nu mantuan digawe. “Naon atuh pamenta maraneh teh, pok omongkeun, sugan bae kami bisa nyumponan!”

Pok munding miheulaan sakadang kuda, “Heug kami mantuan gawe aranjeun asal kami dikawihan mun keur digawekeun, jeung sakadang kuda ge sanggup mantuan jelema asal didangdanan!”

Ngadenge kahayang kuda jeung munding kitu, jelema malikir kamaha nyieun lagu keur munding jeung kamaha nyieun dangdanan keur kuda. Tapi teu lila geus kapikir. Lagu keur munding bakal diajak digawe di sawah jelema nyiptakeun tembang pupuh kinanti.

Mideur, kia, arang, luput
Mideur teh hartina malik
Ari arang mah kaliwat
Lamun kia sisi teuing
Luput teh nya mengkol tea
Eta kawih keur ilaing.

Barang eta lagu dicoba dikawihkeun, munding unggut-unggutan tanda panuju.

Ari sakadang kuda ngan kulantang-kulinting bae neangan dangdanan nu disanggupan ku jelema. Nempo kuda jiga nu panasaran, gancang bae baju kulit keur sakadang kuda teh ditembongkeun bari sakalian sina dipecakan. Barang rap dicoba enya bae kuda teh jadi leuwih kasep.

Dina sirah aya hiasan jajambulan tina majun jeung gengge nu kekerencengan, make kacamata nu ngahiji jeung borongsong. Kadalina tina beusi nyambung kana eles. Dina dada ngadaplok toka-toka tina kulit nu ditaretes ku hiasan perak nu harerang. Dina beuteung aya beubeur gede nu ngahiji jeung sela paranti diuk jelema. Ka handapna disapatu ku beusi sangkan leumpang teu tiseureuleu. Pokona ginding weh dangdanan kuda teh. Sarua kuda ge ari tos nempo pamentana dicumponan mah unggut-unggutan bari hihiem tanda panuju kana kahayang jeung satuju kana jangji mantuan jelema.

Tah ti harita mah kuda jeung munding teh beuki mindeng tembong babarengan jeung jelema. Munding mindeng tembong digawekeun di sawah keur narik wuluku atawa garu, dikawihan ku jelema. Atuh sabada aya gawe bareng antara jelema jeung munding mah, pagawean ngagarap sawah teh jadi leuwih enteng. Ari sakadang kuda beunang ngadangdanan tek sok sina narik keretek, ditumpakan ku jelema lamun jelema rek nyanyabaan ka nu jauh.

Tah kitu ari hirup rukun sauyunan mah, mun aya pasualan teh dipigawe babarengan. Hasil mucekil, gawean teu sabahara cape. Tah sakitu lanan dongeng picontoeun ti Aki minggu ieu mah. (*) by Aki Guru, dicutat tina Mangle No. 2299

Example 300250

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Bale Jabar

BANDUNG, balebandung.com – Polda Jawa Barat akhirnya menangkap Taufik Hidayat (TH), tersangka pelaku penyekapan dan penganiayaan terhadap Yuvita, perempuan asal Kecamatan Rancaekek, Kabupaten Bandung, yang kasusnya menyita perhatian publik dalam beberapa hari terakhir. Kapolda Jawa Barat Irjen Pol Rudi Setiawan mengatakan, penangkapan dilakukan setelah tim penyidik berhasil melacak keberadaan tersangka melalui aktivitas transaksi perbankan yang […]

Bale Jabar

BANDUNG, balebadung.com – Dewan Pakar Majelis Musyawarah Sunda (MMS) Yudi Latif menilai Indonesia membutuhkan revolusi Pancasila yang mampu menghadirkan pemerataan keadilan ekonomi sekaligus memperkuat pemahaman nilai-nilai Pancasila di kalangan generasi muda. Hal itu disampaikan Yudi Latif saat menyampaikan Pidato Kebangsaan pada peringatan Hari Lahir Pancasila yang digelar MMS di Gedung Indonesia Menggugat, Kota Bandung, Senin […]

Bale Jabar

SORONG, balebandung.com – Ketua Umum Aliansi Kabupaten/Kota Peduli Sanitasi (AKKOPSI) Dadang Supriatna menghadiri dan menyambut baik Deklarasi 42 Kepala Daerah se-Tanah Papua dalam Gerakan Nasional Pemberantasan Tuberculosis (TBC) Berbasis Komunitas di Kota Sorong, Provinsi Papua Barat Daya, Sabtu 30 Mei 2026. Kang Dadang Supriatna (KDS) yang juga menjabat sebagai Bupati Bandung ini mengatakan, deklarasi ini […]

Bale Jabar

BANDUNG, balebandung.com — Ganesha Business Festival (GBF) 2026 yang diselenggarakan Sekolah Bisnis dan Manajemen Institut Teknologi Bandung (SBM ITB) berhasil menarik lebih dari 7.000 pengunjung di Sawarga Courtyard Summarecon Mall Bandung, Sabtu (30/5/2026). Ajang tahunan yang menampilkan berbagai inovasi, karya bisnis, dan kreativitas mahasiswa itu mengusung tema “Human Edge: The Power Beyond Technology”. Tema tersebut […]

Bale Jabar

BANDUNG, balebandung.com – Ketua Harian DKM Masjid Raya Al Jabbar KH Tata Moch Tasdiq SH mengajak umat Islam memaknai Idul Adha tidak hanya sebagai ritual penyembelihan hewan kurban, tetapi juga sebagai momentum menyembelih sifat sombong, egoisme, dan kecintaan berlebihan terhadap dunia. Hal itu disampaikan KH Tata Moch Tasdiq yang juga pimpinan Pondok Pesantren Al-Qur’an Fajar Ashshidiqi, […]

Bale Jabar

BANDUNG, balebandung.com — Dinas Pemberdayaan Perempuan, Perlindungan Anak, dan Keluarga Berencana atau DP3AKB Jawa Barat mendorong penguatan edukasi kesehatan reproduksi sebagai bagian dari upaya membangun keluarga berkualitas. Kepala DP3AKB Jawa Barat, Siska Gerfianti, mengatakan keluarga yang kuat menjadi fondasi penting pembangunan sumber daya manusia di Jawa Barat. Menurut dia, kesehatan reproduksi tidak boleh dipandang sebagai […]