Bale Bandung

KAHEMAN (Emutanen)

×

KAHEMAN (Emutanen)

Sebarkan artikel ini

by Ajat Sudrajat

Anjeun ngolenyay samar-samar
Cumeuluk ngagentraan hawar-hawar
Kuring ngudag-ngudag kapastian ti diri anjeun
Kaditu
Kadieu
Teubih
Cape
Lami
Napas geus suda.

Kalangkang anjeun pek jauh pek deukeut
Simana horeng lain lahan pengeureunan nu jadi harepan
Tungtung langit tungtung deuleu tapi lain tungtungna kahayang
Pucuk-pucuk dangdaunan tapi lain pucukna harepan
Tungtungna teuing di mana.
Pucukna boa kumaha
Beuki kaasih dina galih saperti motor anu ngadius payunen bumi
Beuki cunduk tungtung hirup
Tapi kanyaah, kaasih, katresna, kadeudeuh,
sareng kaheman kuring ka anjeun
moal aya pungkasna,
Moal aya pungkas…..

Kamojang, 21 September 2019

Example 300250
Baca Juga  Gerakan Tutup Lubang Jalan Serentak di 10 Wilayah

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *